Raja Hiram ti nagara Tirus ngintunan balok-balok kai kiputri ka Daud, reujeung tukang-tukang kayu jeung tukang-tukang tembokna, sina mangadegkeun karaton.
2
Ku sabab kitu kahartoseun ku Daud yen anjeunna ku PANGERAN geus diteguhkeun jadi raja nyangking Israil, sarta karajaanana ku Mantenna dibeungharkeun pikeun kabagjaan umat-Na.
3
Sanggeus calik di Yerusalem Daud tambah deui garwa, tambah deui putra istri pameget.
4
Putra-putra anu diwedalkeunana di Yerusalem nya eta: Samua, Sobab, Natan, Suleman,
5
Yibhar, Elisua, Elpelet,
6
Nogah, Nepeg, Yapia,
7
Elisama, Belyada jeung Elipelet.
8
Barang urang Pelisti ngadarenge beja yen Daud geus jadi raja nyangking sakuliah nagara Israil, seug mepek balad rek nangkep ka anjeunna. Ti dinya Daud budal jeung balad arek ngayonan.
9
Urang Pelisti geus araya di Lebak Repaim jeung geus mimiti rarampog.
10
Daud unjukan ka Allah, "Kumaha eta urang Pelisti teh kedah dilawan? Kumaha abdi tiasa unggul?" "Pek perangan!" waler PANGERAN. "Ku Kami rek diselehkeun ka maneh."
11
Seug eta urang Pelisti teh ku Daud diperangan di Baal Perasim, dielehkeun. Anjeunna ngalahir kieu, "Allah geus ngersakeun aing bisa ngabedah balad musuh lir upama banjir." Nu matak eta tempat ku anjeunna dingaranan Baal Perasim.
12
Waktu urang Pelisti kalabur, brahala-brahalana kataringgaleun, ku Daud dipiwarang diduruk.
13
Tapi teu lila urang Pelisti teh murubul deui ka eta lebak jeung geus mimiti raranjah deui.
14
Daud unjukan deui ka Allah. Ari waleran Allah, "Narajangna ulah ti beulah dieu, kudu nguriling ka beulah ditu ti tukangeunana, ti lebah gumplukan tangkal baka.
15
Lamun geus aya sora pabuis di pucuk-pucuk tangkal baka, maneh kudu gancang narajang, sabab Kami bakal maju ti heula ngelehkeun balad Pelisti."
16
Sakumaha timbalan Allah ku Daud ditumutkeun, sarta anjeunna hasil iasa ngusir balad Pelisti ti semet Gibon meh nepi ka Geser.
17
Daud jadi kagurnita ka mana-mana, sarta bangsa-bangsa sejen ku PANGERAN disina sarieuneun ku anjeunna.